Senin, 29 Januari 2024

ANTARA CEUK BATUR JEUNG CENAH

 

Ceuk batur kuring téh bageur

Ceuk batur kuring téh béréhan

Ceuk batur kuring téh disiplin

Ceuk batur kuring téh jalmana keyeng

 

Ceuk cenah kénéh

Kuring jalmana apik

Ceuk cenah kénéh

Kuring jalmana bisa dipercaya

Ceuk cenah kénéh

Kuring jalma nu bisa mandiri

 

Ceuk batur

Ceuk cenah

Antara ceuk batur jeung ceuk cenah

Ieu kuring nu saéstu

Ieu kuring kareueus kuring

 

SimLim, 21 Oktober 2023


LALAKI PILIH TANDING

 Nya anjeun lalaki pinilih

Lalaki nu mimiti aya na lelembutan

Lalaki sajati nu bajuang keur kuring sapiri umpi

Poho kacapé demi kabagjaan nu dipikahéman

 

Nya anjeun lalaki pinilih

Sayaga tanding geusan makalangan

Nyanghareupan rupa-rupa panangtang

Sangkan kulawarga anjeun waluya

 

Nya anjeun lalaki pinilih

Jadi tuladan dina sagala widang

Sumber inspirasi kuring

Sangkan teu éléh ku panéka jaman

 

Nya anjeun bapa kuring

Nya anjeun tangkal darajat kuring

Mugia salamina aya dina ginanjar kawilujengan

 

SimLim, 21 Oktober 2023

SALSÉ

Nyarandé nyalsé na amparan Suku nanggunjar aya ku genah Kali-kali ramo gerak kutak ketik Leng deui ngahuleng   Niat haté hayang ng...