Minggu, 17 Desember 2023

INDUNG

Salira

Istri pinilih pupujaning ati

Nya salira

Wanita percéka pahlawan digjaya

 

Pikeun kuring

Anjeun sagalana

Pikeun kuring

Anjeun taya papadana

 

Nya anjeun

Indung kuring sajati

Tunggul rahayu

Sumber katingtriman ti Gusti

 

 Lamé, 01 Séptémber 2023

SALSÉ

Nyarandé nyalsé na amparan Suku nanggunjar aya ku genah Kali-kali ramo gerak kutak ketik Leng deui ngahuleng   Niat haté hayang ng...