Rabu, 20 Maret 2024

LALUGINA

Nyarandé nyalsé na amparan

Suku nanggunjar aya ku genah

Kali-kali ramo gerak kutak ketik

Leng deui ngahuleng

 

Niat haté hayang ngahasilkeun

Nyieun naon waé nu mawa mangpaat

Marengan waktu nu terus laju

Teu capé ngigelan jaman

 

Waktu téh salahsahiji rejeki

Teu sakabéh jalma boga waktu salsé

Nun Gusti nu Maha Suci

Réwu nuhun kahatur Salira pangeresa Gusti

 

Harpa, 21 Maret 2024

LALUGINA

Nyarandé nyalsé na amparan Suku nanggunjar aya ku genah Kali-kali ramo gerak kutak ketik Leng deui ngahuleng   Niat haté hayang ng...